1:1 Sarsilahna Isa Al Masih turunan Daud sareng Ibrahim teh kieu:
1:2 Ibrahim puputra Ishak; Ishak puputra Yakub; Yakub puputra Yuda jeung saderek-saderekna pameget;
1:3 Yuda puputra Pares jeung Sara, ti Tamar; Pares puputra Esrom; Esrom puputra Aram;
1:4 Aram puputra Abinadab; Abinadab puputra Nahason; Nahason puputra Salmon;
1:5 Salmon puputra Boas, ti Rahab; Boas puputra Obed, ti Rut; Obed puputra Isai;
1:6 Isai puputra raja Daud. Daud puputra Sulaeman, ti garwa Uria;
1:7 Sulaeman puputra Rehabeam; Rehabeam puputra Abia; Abia puputra Asa;
1:8 Asa puputra Yosapat; Yosapat puputra Yoram; Yoram puputra Usia;
1:9 Usia puputra Yoatam; Yoatam puputra Ahas; Ahas puputra Hiskia;
1:10 Hiskia puputra Manase; Manase puputra Amon; Amon puputra Yosia;
1:11 Yosia puputra Yehonia jeung saderek-saderekna pameget, keur jaman diboyong ka nagara Babul.
1:12 Di pangboyongan di nagara Babul, Yehonia puputra Salatiel; Salatiel puputra Serubabel;
1:13 Serubabel puputra Abiud; Abiud puputra Elyakin; Elyakin puputra Asor;
1:14 Asor puputra Sadok; Sadok puputra Ahim; Ahim puputra Eliud;
1:15 Eliud puputra Eleasar; Eleasar puputra Matan; Matan puputra Yakub;
1:16 Yakub puputra Yusup, caroge Siti Maryam; nya ti anjeunna medalna Isa, anu disebat Al Masih teh.
1:17 Jadi, ti Ibrahim nepi ka Daud teh, kabehna aya opat belas turunan; ti Daud tepi ka jaman pangbuangan ka nagara Babul, aya opat belas turunan; ti jaman pangbuangan ka nagara Babul, nepi ka Al Masih, aya opat belas turunan oge.
1:18 Riwayat dibabarkeunana Isa teh kieu: Ti waktu Siti Maryam jeung Yusup babakalan keneh; Maryam teh, ku kersana Ruh Allah bobot.
1:19 Ku sabab Yusup, picarogeeunana tea, jelema bener; nya anjeunna henteu kersaeun ngawiwirang Maryam teh. Jadi, anjeunna rek ngabatalkeun niatna pikeun mibojo Maryam teh bari ririkipan.
1:20 Sajeroning mikir, beh, aya malaikat ti Pangeran nembongan dina impian, lahirna, “He Yusup, turunan Daud, ulah hamham mibojo Maryam. Sabab anu keur dikandung teh, asalna ti Ruh Allah.
1:21 Nu bakal dibabarkeun teh, nya eta hiji Murangkalih pameget nu ku anjeun kudu dingaranan Isa. Sababna, nya Anjeunna pisan nu baris nyalametkeun umat-Na tina sagala dosa-dosana.”
1:22 Kajadian ieu teh, tandaning sakur nu geus didawuhkeun ku Pangeran ka nabi tea tinekanan; kieu dawuhana-Na:
1:23 “Tah lanjang teh bakal bobot, bakal ngababarkeun hiji anak lalaki, nu ku maranehna baris dingaranan Imanuel.” Imanuel teh hartina ‘Allah nyarengan ka urang’.
1:24 Sanggeus hudang, sakumaha piwarangan malaikat Pangeran, ku Yusup dilampahkeun: Maryam lajeng ditikah,
1:25 tapi anjeunna henteu sapatemon jeung bojona nepi ka dibabarkeunana putra pameget tea, nu dingaranan Isa.